Palabuhanratu ngadeg sabada Pakuan Pajajaran ancur lebur digempur musuh. Ari nu janten musuh natěh nyaěta Karajaan Banten. Anu harita mah disebatna těh Surasowan. Pajajaran teu tiasa ngayonan musuh, margi musuhna kawilang tanggoh. Katambih dibantuan deuih ku Nagara Tatanggana nyaěta Demak sareng Cirebon.
Waktos perang campuh, salah sawios Putri Raja Pajajaran majeng ka medan jurit. Jenenganana Nyai Putri Purnamasari. Nyai Putri kěnging pancěn geus nyegat musuh ti palih kidul anjeuna disarengan ku carogěna. Jenengan carogěna nyaěta Raděn Kumbang Bagus Sětra. Raděn Kumbang těh kawit ti Nagara Pajajaran selatan atanapi Banten Kidul. Putra salah sawios měnak ti ěta nagara.
Dina enggoning mancěn tugas, Nyai Putri Purnamasari těh dibantuan deuih kuhiji tanggeuh manggala anu sakti mandraguna. Jenenganana Rakěan Kalang Sunda, salah sawios andelan ti Pakuan Pajajaran.
Musuh nu kedah diayonan těh kacida seueurna. Sedengkeun Nyai Putri, Raděn Kumbang, Rakěan Kalang Sunda, katut balad-baladna mung sakedik. Atuh perang těh teu saimbang. Akhirna Nyai Putri sareng balad-baladna mundur ka palih kidul. Kawitna mundur ka Rancamaya. Terus mapay-mapay leuweung bari ngaleungitkeun salasah sangkan teu kasusud ku musuh.
Balad-balad Nyai Putri mingkin lami mingkin ngirangan. Malih, akhirna mah taya nu nyěsa sěěp sadayana. Akhirna Nyai Putri mung disarengan kuduaan, nyaěta ku Raděn Kumbang Bagus Sětra sareng Rakěan Kalang Sunda. Lalampahanana dugi kahiji lamping pasir nu kacida bunina. Lebah dinya reureuh heula, margi salirana tos karaos nahnay.
Bakating ku capě, Nyai Putri ngalungsar handapeun tangkal. Mastakana di tumpukeun kana akar kai nu ngajolor. Akhirna dugi ka kulemna. Kitu deui Raděn Kumbang Bagus Sětra salirana nyarandě kana tangkal kai ageung. Teras anjeuna ogě kulem. Mung Raděn Kalang Sunda nu teu kulem těh.
Raděn Kalang Sunda tetep taki-taki bari mulungan buah caringin sareng buah kiara, socana ngawaskeun kasabudeureun ěta tempat. Bangunna gaduh karisi, inggis musuh tiasa nyusul kalebah dinya.
Tětěla pangrasa Rakěan Kalang Sunda těh seukeut pisan. Buktosna, rentang-rentang tikatebihan, aleutan musuh tos katingal. Pernahna lebakeun pasir. Pamingpina tumpak kuda. Anggoana siga urang Arab, nganggo jubah bodas. Lebah cangkěngna nyolěgrěng pedang mani melengkung. Upami ningal dedeg pangadegna, rupina ěta jalmi těh saněs jalmi jorě-jorě. Tapi jalmi nu luhur ělmu tur ageung wawaněnna.
Jalmi nu tumpak kuda těh jenengannana Jaya Antěa. Kapungkurna Mantri Majeti Pajajaran. Mung hanjakal, ayeuna milu ka musuh nu janten marga lantaranna těh nyaěta mikahoyong ka Nyai Putri Purnamasari, mung teu laksana da Nyai Putri ditikahkeun ka Raděn Kumbang Bagus Sětra.
Kumargi kahoyongna henteu tinekanan, Jaya Antěa remen ngadamel kariweuhan antukna di lirěnkeun tina Mantri Majetina. Malih, dugi ka diusirna ti Pajajaran.
Ku alpukah sobat-sobatna, nyaěta para padagang bangsa Arab, Jaya Antěa di candak ka tanah Arab. Anjeuna ngamukim kěnging lima taun. didituna těh ngulik bagbagan Agama Islam.
Mulihna ti tanah Arab henteu langsung ka Pakuan Pajajaran. Anjeuna ngabujeng ka nagara Banten. Didinya ngangken-ngangken yěn dirina těh Prabu Anom Kian Santang putra mahkota Pajajaran. Jenengannana ogě digentos janten Syěh Al Kowanah.
Sultan Banten Kasamaran. Anjeuna henteu engeuh yěn ěta těh saleresna saněs Kian Santang. Ku kituna, kahoyong Jaya antěa kanggo ngagempur pajajaran disaluyuan. Komo sabada ngadangu sasauranana yěn tujuan ngagempur těh seja ngislamkeun pakuan pajajaran.
Dina prungna perang, Jaya Antěa tetep ngincer Nyai Putri Purnamasari sugan sinareng sugan janten kapimilik ku dirina. Nu matak henteu aněh saupami Nyai Putri teras-terasan dipilari. Bělaan aprak-aprakan mapay-mapay leuweung geledegan.
Rakěan Kalang Sunda neuteup seukeut ka palebah aleutan musuh. tětěla musuhna těh mani seueur. Rakěan Kalang Sunda gura giru ngagugahkeun Nyai Putri sareng Raděn Kumbang. Barang rět ka palebah musuh, Nyai Putri ambek salirana mani ngagidir. Peureup na di acung-acung Nyai Putri sareng Raděn Kumbang kagungan maksad badě nyegat abrulan nu di pingpin ku Jaya Antěa. Namung ku Rakěan Kalang Sunda dihalangan bari teras dilelemu.
Amarah Raděn Kumbang lami-lami mah leler. Teras pananganana dijěwang ku Nyai Putri, di ajak lumpat. Nyingkahan musuh-musuhna nu mingkin caket.
Jaya Antěa milarian Nyai Putri těh tos aya kana dua sasihna. taya leuweung nu teu kaasruk, taya tegal nu teu kaaprak. kitu deui lěngkob, reuma, sareng lamping. Sadayana dipapay taliti pisan. Malih jungkrang-jungkrang teras disorang.
Balad-baladna mingkin lami mingkin ngirangan. Seuseueurna katarajang ku panyawat parna dugika henteuuna sapalih deui kalabur margi henteuu kiateun kedah aprak-aprakan, mapay-mapay leuweung. Atuh, tungtungna Jaya Antěa teu aya nu nyarengan.
Lalampahan těh ěstu nyorangan baě sanaos kitu anjeuna teuneung ludeung, taya ka gimir. Patěkadannana milari Nyai Putri henteuu luntur, pantes ku kitu těa mah, margi anjeuna mah tos masagi. di henteuu-henteuu ogě kantos nyepeng kalungguhan Mantri Majeti Pakuan Pajajaran anu sakti manggulang mangguling.
Jaya Antěa teu pondok pangharepan, anjeuna teu lirěn-lirěn milarian Nyi Putri. Hiji mangsa nya dugi ka hiji saung tikatebihan ku anjeuna katinggal aya istri nuju nyaliksik di payuneun saung. Saparantos disidik-sidik geuning ěta istri těh Nyai Putri Purnamasari. Atuh Jaya Antěa bingah taya hinggana. Anjeuna keketeyepan nyaketan Nyai Putri. Barang badě dirontok, Nyai Putri Rikat bari ngagorowok. Harita těh Raden Kumbang sareng rakěan nuju milari iwung bitung dimumunggang pasir. Barang ngadangu Nyai Purti ngagorowok, atuh kacida reuwaseunnana. duanana tuturubun ngabujeng saung. dugi ka saung, katangěn Jaya Antěa aya didinya, atuh amarah Raden Kumbang ngagedur kitu deui Jaya Antěa, amarahna teu bisa ka bendung. Nya der bae tarung patutunggalan. itu ieu pada gagah. dua nana taya nu kasoran.
Nuju rongkah-rongkahna tarung, nya aya kajantenan anu ahěng. barang Raden Kumbang badě nyěpak Jaya Antěa nu sasampoyongan atuh ngadadak jagat těh oyag. Bray taneuh Beulah palebah raden kumbang pisan. atuh brus baě Raděn Kumbang těh tigebrus kana jěro taneuh.Jaya Antěa kaleresan aya dilebah biwir taneuh anu Beulah anjeuna salamet. Jaya Antěa luak lieuk milarian Nyai Putri. Mung Nyai Putri tos teu aya dicandak kabur ku Rakěan Kalang Sunda. Kaburna Nyai Putri dugi ka hiji gunung nu leuweungna tos jadi reuma dugi kakiwari ěta gunung těh disebat Gunung Reuma.
Pameunteu Nyai Putri katingal marahmay. anjeunna ngaraos bingah Rakěan Kalang Sunda parantos nyalametkeun Utun Inji nu dikandung ku Nyai Putri. Margina si Utun ieu anu jaga baris ngadegkeun tur neraskeun deui Pajajaran.
Ti Gunung Reuma Nyai Putri sareng Rakěan Kalang Sunda neraskeun deui lalampahannana dugi ka hiji palataran palih kiduleun walungan ageung. kiwari ěta walungan těh disebatna Cimandiri. Teras ngababakan didinya ěta palataran těh diliwatan ku wahangan alit nu sungapannana aya handapeun tangkal Dadap nu kacida ageungna, nu ěta babakan těh kiwari disebat Babakan Cidadap.
Hiji mangsa Jaya Antěa dugi ka ěta babakan. kawasnamah anjeuna teras terasan milari raratan Nyai Putri. Harita Nyai Putri nuju ngadaweung payuneun bumi, atuh barang ningal Jaya Antěa ngagidig ngabujeng kadinya, Nyai Putri ngagoak, berebet lumpat sup ka bumi, sorolok panto ditulakan pageuh pisan.
Rakěan Kalang Sunda nuju ngaseuk pengkereun bumi, kacida reuwaseunnana, gura giru ngabujeng. Gok patepang sareng Jaya Antěa nu bade unggah ka tepas. teu antaparah aseuk nu dicecepeng těh di babukkeun. Jaya Antěa nyuksruk kana batu golodog .
Kaayaan Jaya Antěa kitu těh henteu diantep teras ditarajang der galungan. duanana pada pada ngaluarkeun kasaktiannana.
Tětěla duanana sakti mandra guna. tarungna dugi ka meuntas ka palih kalěr Walungan Cimandiri teras hanjat ka gunung nu kiwari disebut Gunung Jayanti, lebah dinya Kujang Rakěan Murag. saurna janten Arca Sembah Jaya Tipati. nu tarung těh nepi ka lebah karang Pamulang Kiwari . Nya lami-lami Jaya antěa ka tětěr. waktos rada bongoh dirina ditotogkeun ka lebah laut. barang gejebur, ngadadak salin jinis janten lauk nu kacida ageungna. kiwari saurna laukna sok němbongan. ku urang Palabuhan Ratu ěta lauk těh sok di sarebatna si control.
Lembur Babakan Cidadap beuki lami beuki gegek pangeusina. nya Nyai Putri gě tos ngababarkeun, orokna těh istri jenengannana nyai putri mayang sagara pamulangan. Ari Rakěan Kalang Sunda mah ti harita těh teras baě ngalalana.
Dalapan taun ti di adeugkenana Babakan Cidadap, Nyai Putri Purnamasari diangkat janten “Ratu Puun” anu ngangkatna nyaěta sesepuh lembur sareng sakumna rahayat.
Kaayaan Babakan Cidadap mingkin majeng. Para padagang jul jol timana mendi. malih padagang ti Nagari Cina ogě seueur. Ti mangsa harita Babakan Cidadap robih janten Cidadap Palabuan Nyai Ratu.
Saparantos Nyai Ratu Puun Purnamasari sepuh, kalungguhan Ratu Puun dipasrahkeun ka Nyai Putri Mayang Sagara. anjeuna dipasihan gelar “ Nyai Ratu Kidul”.

0 komentar:
Post a Comment