Back to natural Selamat berkunjung di Blog ini !

Saturday, November 28, 2009

WANGUN UUBS

a. Basa Kasar
Basa kasar disebut oge basa loma .Digunakeun ka sasama ,ka babaturan nu geus loma.Salian ti eta ( bareto mah ) sok dipake oge pikeun nyarita ka jalma
nu sahandapeun kalungguhanana,pangkatna,u
murna;atawa pikeun nyaritakeun jalmanu sahandapeun upama nu dicaritakeunana teh sahandapeun nu diajak nyaritana.

b.Basa Sedeng
Basa sedeng sok disebut oge basa basa lemes keur ka sorangan,nya eta basa nu dilarapkeun keur ka diri sorangan upama nyarita ku basa lemes;atawa pikeun nyaritakeun sasama ka saluhureun.
Salian ti eta, basa sedeng oge sok dipake nyarita jeung jalma nu can wanoh atawa loma lamun nu ngajak nyaritana ngagunakeun basa lemes .

c.Basa Lemes.
Basa Lemes sok biasa disebut ogebasa lemes keur ka batur.Dilarapkeun pikeun nyarita ka nu saluhureun,jeung pikeun nyaritakeun nu saluhureun boh pangkatna,boh kalungguhanana,boh umurna.Basa lemes oge dipake ka jalma nu can wanoh atawa loma.

d. Basa lemes pisan
Dipake pikeun ngahormat jeung ngajenan ka jalma nu pangkat jeung kalungguhanana di pandang luhur pisan atawa tingkat pangagung.

e. Basa Kasar Pisan
Disebut oge basa cohag.Dipake ku nu keur ambek atawa nu pasea,pikeun maksud ngahina.Tapi umumna mah basa kasar pisan teh sok dilarapkeun ka sato.Sabab lamun dilarapkeun ka jalma mah ,bakal karasa garihalna.

f. Basa Panengah.
Basa Panengah dipake pikeun nyarita ka jalma nu sahandapeun pangkat jeung kalungguhanana,tapi umurna mah saluhureun.Dipake pikeun nyaritakeun nu lian upama nu diajak nyaritana teh ngagunakeun basa lemes,tur nu dicaritakeunana sahandapeun pangkat jeung kalungguhanna,tapi umurna saluhureun upama dibandingkeun jeung nu nyarita katut nu diajak nyaritana.
Ieu basa panengah teh kalungguhanana aya di sahandapeun basa lemes tapi saluhureun basa kasar.

0 komentar:

Social Profiles

Twitter Facebook Google Plus LinkedIn RSS Feed Email Pinterest

Abaut

http://wwwroges-ade.blogspot.com, between the and tags
  • About
  • http://wwwroges-ade.blogspot.com, between the and tags

    Popular Posts

    BTemplates.com

    Blogroll

    script async src="//pagead2.googlesyndication.com/pagead/js/adsbygoogle.js">

    About

    script async src="//pagead2.googlesyndication.com/pagead/js/adsbygoogle.js">

    Copyright © Roghes Family | Powered by Blogger
    Design by Lizard Themes | Blogger Theme by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com