Back to natural Selamat berkunjung di Blog ini !

Monday, November 30, 2009

WANDA UNDAK USUK BASA SUNDA

Upama nilik kana basa kasar(BK),basa sedeng(BS) jeung basa lemesna (BL),UUBS teh bisa dipasing-pasing jadi tilu wanda.

a.UUBS Wanda ka hiji.
UUBS anu basa kasar,sedeng jeung lemesna teu sarua.Contona :
balik (BK)-wangsul (BS)-mulih (BL) -mantog (BKP)-mulang (BP)
1. "Mun maraneh rek baralik ayeuna,bareng we,da kuring ge rek balik ayeuna".
2. "Abdi mah bade ayeuna wangsul teh.Sanggemna mah Rini oge bade wangsul ayeuna"ceuk Eti ka Pa Samad.
3. "Mulih ti mana ibu?" Mang Udin nanya ka Pa Guru.
" Wangsul ti dinya,ti Koperasi,"tembal Pa Guru."Dupi Pa Kuwu parantos mulih ?"
4. "Lain geura mantog sakieu geus burit,geura ngaji ka dituh!"Dudung ambek ka adina nu keur
ngadu langlayangan.
5. " Ari Emang iraha rek mulang teh?" ceuk Pa Kapala Sakola ka Mang Ukar,pasapon nu
saluhureun.
b. UUBS Wanda ka dua.
Basa kasarna beda,tapi basa sedeng jeung lemesna sarua.Contona.
halangan (BK)-pambengan(BS)-pambengan(BL)
1. " Mun taya halangan,engke sore kuring rek ka imah maneh," ceuk Apep ka Wahyu.
2. " Upami teu aya pambengan,engke sonten abdi bade ka bumi Bapak,"ceuk Marup ka Apep.
3. " Upami teu aya pambengan ,saurna engke sonten Pa Kapala Sakola bade ka bumi Pa Apep,"
ceuk Pa Memed ka Bu Imas.
c.UUBS Wanda ka tilu.
Basa kasar jeung basa sedengna sarua,tapi basa lemesna beda.
Aya sawatara kecap hubunganana jeung pancakaki,saperti kecap adi,alo,anak , lanceuk jeung aki;sok ngagunakeun kecap pun upama dirobah jadi basa sedeng;jadi pun adi,pun alo,pun lanceuk jeung pun aki.Maksudana adi abdi,aloabdi,anak abdi jst.Ari pikeun basa lemesna
sok dipake kecap tuang;jadi tuang rai,tuang putra,tuang raka jst.Maksudna adi anjeun(Bapa/Ibu/Saderek),putra anjeunjst.Contona:
adi (BK)-adi (BS) -adi (BL)
1."Adi kuring mah ayeuna teh kelas hiji,sarua jeung adina Wahyu,"ceuk Apep ka Marup,"Ari adi manehkelas sabaraha,Pep ?"
2. "Pun adi ayeuna teh kelas hijisami sareng adina Rere,"ceuk Dini ka Ria.
3. "Dupi tuang rai kelas sabaraha?" ceuk Pa Agus ka Bu Tita.
.............cag.......................!!!!

0 komentar:

Social Profiles

Twitter Facebook Google Plus LinkedIn RSS Feed Email Pinterest

Abaut

http://wwwroges-ade.blogspot.com, between the and tags
  • About
  • http://wwwroges-ade.blogspot.com, between the and tags

    Popular Posts

    BTemplates.com

    Blogroll

    script async src="//pagead2.googlesyndication.com/pagead/js/adsbygoogle.js">

    About

    script async src="//pagead2.googlesyndication.com/pagead/js/adsbygoogle.js">

    Copyright © Roghes Family | Powered by Blogger
    Design by Lizard Themes | Blogger Theme by Lasantha - PremiumBloggerTemplates.com